Sabtu, 05 Juni 2010

Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda Pikeun Murid SMA/SMK/MA

Ieu Buku nu dijudulan Santika Basa Sunda ajangkeuneun murid SMA/SMK/MA teh, eusina mangrupa wiji-wijining pangajaran basa sunda jeung sastra sunda, kalawan satekah polah diihtiaran sangkan eusina nyumponan pameredih Keputusan Gubernur Jawa Barat No. 423.5/Kep.674-Disdik/2006 tanggal 25 Juli 2006 tentang STANDAR KOMPETENSI DASAR SERTA PANDUAN PENYUSUNAN KURIKULUM TINGKAT SATUAN PENDIDIKAN (KTSP) MATA PELAJARAN BAHASA DAN SASTRA SUNDA. Nu dipalar ieu buku teh bisa jadi cecekelan para siswa dina enggoning ngulik unak-anik basa jeung sastra sunda.

Anu pamustunganana para siswa teh jadi parigel atawa perceka ngagunakeunana....
Gemblengan kagiatan pembelajaran dina ieu buku diorientasikeun dumasar kana kompetensi dasar. Rupa-rupa kagiatan kaasup latihan jeung pancen-pancen unggal tahap diusahakeun kalawan selang sekar (variatif) nepi ka para siswa jadi pogot jeung sumanget ngalakukeun eta kagiatan. Pangpangna mah, sangkan para siswa teh henteu paor deukeut (verbalisme), anu hayoh bae ngagulung tiori. Demi buku nu nyumponan sarat sakumaha nu diperedih ku KTSP taun 2006, nu ngarojong kahontalna pembelajaran basa jeung sastra (Sunda)m diantarana : 1) bahan kudu beunghar ku kagiatan nu aktif ngagunakeun basa, 2)kagiatan nu dirancang kudu variatif jeung matak narik karep siswa diajar, 3) kudu ngutamakeun kagiatan siswa, lain guru, 4) teks anu dikutipna kudu aktual jeung otentik, 5) tipografina kudu endah jeung narik siswa, 6) kudu ngagunakeun media ilustrasi jeung gambar.

Hal-hal anu lucu dina buku ieu buku henteu dipopohokeun kayaning 1) bacaan nu matak pikaseurieun nu diwadahan dina Landong Baeud, bari nerangkeun perkara nu perlu dipikanyahona; 2)tatarucingan, anu pikalucueun sangkan ngahudang inspirasi jeung pantasi siswa.

wassalam